Labels
- DESA BANDORASAKULON (2)
- Galery (6)
- LURAH BANDORASA (2)
- PANGJAJAP (2)
Blog Archive
Oleh Oleh bandorasa
Pengikut
BANDORASAKULON
Minggu, 31 Oktober 2010
SASAKALA DESA BANDORASA KULON


Nya kinten - kinten taun sarebu lima ratusan nyerang deui ka Batu Tulis Bogor di lajengkeun ka Sunda Kalapa atanapi Jayakarta.
Dina taun sarebu genep ratusan pangeran Salaka Domas nyerenkeun kalungguhanana kumargi tos sepuh ka ki PANJANG atanapi BUYUT PANJANG pikeun neruskeun lalakon anu baris di sorang. Dina lalampahan Madurasa ngajaga raksa.
Manawi eta patilasan dina taun anu tos di tangtoskeun kinten - kinten taun 1600 Masehi. Pangeran Salakadomas nyerenkeun ka lungguhanana ka Ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) teu majar kumaha wios abot oge Ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) nampi mandat anu di pasihkeun ku Pangeran SALAKADOMAS, pikeun neruskeun lalampahan ngaheuyuek dayeuh ngolah Desa.
Tibarang Pangeran Salaka Domas di gentos ku ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) nya ngalihkeun alun - alunna anu satadina di munjul kasur di alihkeun ka wewengkon Puger Tengah.
Poe ka ganti ku minggu, minggu ka ganti ku bulan, bulan di ganti ku taun, teu karaos ki PANJANG mangku kalungguhan janten ais pangampih eta wewengkon Desa Madurasa kirang langkung 120 taun. Manawi takdir teu beunang di pungkir kadar teu beunang di singlar papasten ti gusti yang widi ki PANJANG ( BUYUT PANJANG ) mulih kajati mulang ka asal nyaba ka alam tunjung sampurna maot pingaranneunana taun 1720 Masehi.
Ti wangkid harita kalungguhanana di cepeng ku Ki SACA DIRAKSA malahan anu kapungkurna alun - alun teh di Puger Tengah di alihkeun ku Ki SACA DIRAKSA ka wewengkon blok KARATON malah nepi ka kiwari.
Dina taun 1720 Masehi Desa Madu Rasa di bagi dua nyaeta Madurasa Kulon jeung Madurasa Wetan, Ki SACA DIRAKSA nyepeng kalungguhan sampe taun 1850 Masehi mangsa ngajabat kirang langkung 130 taun lamina.
Mati katungkul ku pati maot teu nyaho di mangsa mati tos jadi pasti maot tos jadi kudrat dina kateranganana maot mah tos ngajantenkeun kawajiban pikeun mahluk di alam dunya ieu.
Taun 1850 Masehi nya taun eta nya mangsa harita Ki SACA DIRAKSA ngantunkeun rahayat Desa Madurasa Kulon anu masih mikaresep jeung mikacinta, dina mangsa nu tos di tangtoskeun samundurna Ki Kuwu SACA DIRAKSA mangsa palastara aya jalma anu siap nandonkeun jiwa jeung ragana demi ngamajukeun eta wewengkon Desa Madurasa Kulon teu aya sanes anu siap leumpang tandang keur ngudag kahayang ngabasmi anu curang nya eta RD SURYA JAYA jadi ais pangampih taun 1850 Masehi.
Di barengan Ki Raden SURYA JAYA di istrenan janten pupuhu Desa Madurasa Kulon dongkap na kaum penjajah Pamarentah Walanda ka Desa Madurasa anu nepikeun mawa akibat ka wewengkon Desa Madurasakulon / dongkapna kaum panjajah Walanda ka nagara Indonesia kinten - ki9nten taun 1595.
Pamarentah Walanda harita keneh ngangkir pupuhu Desa Madurasakulon nyaeta Ki Kuwu Raden SURYA JAYA sangkan ngumpulkeun hamba rakyatna supaya naraek ka gunung Cireme,melakankan tangkal kopi tanpa di upahan alias kerja paksa ( Rodi ). Rahayat Madurasakulon jiga nu bingung margi gawe tapi teu meunang upah nya didieu aya dua kelompok, sakelompok mah nurut sabab sieun tea tapi lolobana mah anu nolak atanapi ngabandel, margi loba kelompok nu ngabandel nya pepelakan tangkal kopi anu di lereng gunung Cireme teh teu rengse anu kiwari disebut Blok Kopi sereh.
Pamarentah Walanda ngaraos kuciwa ku tingkah laku rakyat Madurasakulon anu ngabarandel. Nepikeun ragrag ucap anu misalah barandel Madurasakulon. Bandorasakulon nya nelah ucapanana tina bandel jadi bando nya kata bandel dihijikeun rakyat Bandorasakulon nepikeun ka kiwari katelahna DESA BANDORASA KULON.
Ki Kuwu RD SURYA JAYA mangku gawe ti taun 1850 nepikeun ka taun 1908 Masehi kirang langkung mangsa ngajabat janten Kuwu 58 taun. Saparantosna Ki Kuwu RD SURYA JAYA mulih ka jati mulang ka asal kalungguhanana di gentos ku Ki USUP SUPRADI SASTRA, Ki RD USUP SUPRADI SASTRA ngawitan mangku gawe di Desa Bandorasakulon taun 1908 Masehi sampe taun 1920 kirang langkung Ki Kuwu RD USUP SUPRADI SASTRA ngajabat 12 taun.
Tapi taun 1908 benten sareng taun - taun saacana, taun etamah make aya gempungan para inohong - inohong sareng kokolot desa, margi gentosna RD. SURYA JAYA aya dua patandang anu baris neruskeun tapak lacakna. Nya ahirna inohong sareng sesepuh desa ngayakeun riungan pikeun nyawalakeun hal ikhwal anu bakal janten pupuhu Desa Bandorasakulon.
Nya peuting eta meunang kacindekan teu aya jalan sanes iwal ti ngayakeun sayembara paloba - loba biting nu bakal di asupkeun kana lodong anu kosong sing saha bae dina lodongna loba bitingna nyaeta anu baris jadi ais pangampih eta wewengkon desa. Nya enjingna sesepuh Desa ngabewarakeun yen ayeuna mah nu janten pupuhu desa teh kudu di pilih paloba - loba biting nu kudu di asupan ku rakyat ngalangkungan lodong kosong.
Anu janten patandang dina pilihan pupuhu desa Bandorasakulon teu aya sanes Ki NATA DIRAKSA sareng nu ka dua Ki USUP SURADI SASTRA.
Sedengkeun dua nonoman salaku patandang ari kapalayna dua nonoman mah ku cara ngadu elmu sing saha anu elmu na luhur tur sakti eta nu bakal jadi pupuhu desa, margi jaman kapungkur oge saha nu sakti eta anu jadi pamingpin. Tapi ti pihak kasepuhan desa teu satujueun ku cara ngadu elmu, margi ngabahayakeun.
Nu ahirna dua nonoman KI NATA DIRAKSA sareng KI RD. USUP SURADI SASTRA ku cara rerencepan badami di hiji tempat anu jauh ka lembur. Pikeun ngabadamikeun dimana engke sarengsena pilihan pupuhu. Kudu datang ka ieu tempat pikeun ngadu elmu panganemu, jampe pamake pikeun nangtukeun saha anu hak jadi pamingpin di ieu wewengkon. Jeung nu eleh kudu rido masrahkeun bisluit kakuwuanana kanu meunang jajaten.
Dina wanci nu tos di tangtoskeun pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon tos di ngawitan. Dina dinten eta rakyat Desa Bandorasakulon ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat - ngembat nyatang pinang pikeun ngasupkeun biting ka anu di tuju pilihan manehna masing - masing. Etamah ti luar desa oge darongkap palai nyaksian anu disebut pilihan pupuhu desa ( kuwu ) tea.
Tos kabayang tisuklakna - tisiklukna anu dongkap ka eta patempatan nya lapang blok karaton Desa Bandorasakulon, ku loba - lobana eta jalma nepikeun pangali wota anu bade milih sareng anu bade nongton pacampur aduk jadi hiji. Alun - alun karaton jadi lautan jalma.
Dina wanci sarerehna budak, kokolot eta wewengkon ngabewarakeun hasil pamilihanana, nyaeta di nyatakeun anu kenging pilihan dina pilihan pupuhu Desa nyaeta KI NATA DIRAKSA.
Saentosna aya kacindekan kitu Ki NATA DIRAKSA langsung lumaku ka tempat anu tos di jangjikeun pikeun ngadu jajaten sareng Ki RD. USUP SURADI SASTRA.
Teu sawatara lami dua nonoman tos papayun - payun bari silih teuteup pikeun ngukur kasakten lawan masing - masing.
Dina ngadu jajaten dua nonoman anu pada sarakti teu nganggo pakarang atanapi tangan kosong tapi teu aya anu eleh, teu aya anu meunang. Nya ahirna dua jago ieu nyarabut gagaman atanapi pakarang. KI NATA DIRAKSA nyabut keris dina sarangkana sedengkeun KI RD. USUP SURADI SASTRA nyabut tri sula anu kawilang linuwihna tapi nyakitu sami teu aya anu cidra. Sok komo aya nu eleh mah abong jalma anu luhung elmu jembar ku pangabisa. Dina ogol begalan pati nya dua nonoman ngaluarkeun ajian - ajian anu pamungkas pikeun ngarengsekeun adu jajaten.
Barang rek di hembatkeun ajian anu di agem ku KI NATA DIRAKSA. aya sora tan katingal Heh Nata wayahna anjeun kudu ngelehan, sabab anjeun can waktuna pikeun ngajabat pupuhu ieu desa, anggur geura ngalalana neang bekel kahirupan pikeun mangsa kahareup, nu bakal di sorang.
Nya KI NATA DIRAKSA ngestukeun suara tan katingal malak mandar jalan ieu cukang lantaran pimulyaeun.
Ahirna bisluit kakuwuanana di pasrahkeun ka KI RD. USUP SURADI SASTRA ti barang tos pilihan Kuwu Ki nata Diraksa ngalenit teu aya di eta wewengkon mungguh kokolot Desa naraos hemeng penggalih margi kumaha anu bakal di pilampah mangsa nu bakal datang.Tapi mangsa harita ka ubaran ku donkapna Ki RD Usup Suradi Sastra bari ngabeberkeun kajadian anu di pilampah ku anjeuna sareng ku KI NATA DIRAKSA
Ari lalampahanana KI NATA DIRAKSA leumpang sakaparan - kaparan. Teu puguh anu di tuju. Nepikeun ka umprang amprung seja ngalalana pikeun neang bekel jeung pangalaman nu bakal datang.
KI NATA DIRAKSA sup asup ka wewengkon anu ceuk manehna mah asing, hiji lembur anu singkur, di papaesan ku tatangkalan anu hejo ngemplo, di pasieup ku golontorna cai dina wahangan, saking capena lumampah anu sakitu PANJANGna KI NATA DIRAKSA ngiuhan dina handapeun tangkal anu kawilang ageungna bari di geberan ku angin leutik ngahiliwir bet jiga nu betah bae. Teu karaos saking nahnaina KI NATA DIRAKSA kasarean di eta tempat tibra naker nepikeun teu ngimpi - ngimpi acan saking nikmat - nikmatna sare.
Enjingna KI NATA DIRAKSA kagugahkeun ku recetna manuk luhureun sirahna. Barang bray panonna di buka keun aya hiji jama hareupeunana tapi potongan eta jalma jiga sanes urang dinya, sok komo ningal dedeganana sareng warugana mah. Jiga urang asing tapi matana sipit jleg bae jiga bangsa Cina. Nya ku jalma asing KI NATA DIRAKSA di taros naon maksud jeung tujuanana pangna KI NATA DIRAKSA aya di wewengkon Desa Kalapagunung / Jalaksana, sihoreng eta wewengkon teh Desa Kalapagunung / Jalaksana.
Nya ku KI NATA DIRAKSA di caritakeun hal ihwal ti mimiti kajadian pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon nepikeun ka adu jajaten sareng KI USUP SUPRADI SASTRA tapi disatengahing adu jajaten aya sora tan katingal.
Urang asing ngaregepkeun carita KI NATA DIRAKSA bari unggut - unggutan, sarengsena KI NATA DIRAKSA ngabeberkeun lalakona nya ku urang asing di pepelingan bari nuduhkeun imahna nu teu jauh ti eta tempat.
Ceuk eta urang asing ayeuna mah anjeun geura mulang deui ka Desa Bandorasakulon, sabab nu di teangan ku anjeun geus kapanggih nya kaula pisan tah ieu picis geura tarima ku anjeun jeung modal engke di lembur geura sewaan tanah, geura sewaan kebon, sukur upama aya leuwihna geura beulieun tanah tapi bisi aya leuleuwihna dei ingetan kaula.
Ceuk eta jalma asing bari ngasongkeun duit duka sabaraha bari ngaleos duka kamana. Sedengkeun KI NATA DIRAKSA mah bari nampanan duit olohok benggong mata simeuteun. Saentosna dongkap ka lembur Bandorasakulon mulai KI NATA DIRAKSA ngolah eta duit di pake ngontrakan sawah jeung kebon.
Poe kaganti ku minggu, minggu kaganti ku bulan, bulan kaganti ku taun, kahirupan KI NATA DIRAKSA tos manggulang mangguling sagala aya salieuk breh tadina sawah teh di kontrak nepikeun ka pimilik bari jeung meulian sawah anu liana.
Nepikeun sawah upluk aplak, kebon na oge di mana - mana, cek cacarekanana KI NATA DIRAKSA lega sawahna, jenuk kebon na loba dombana, munding oge nepi pagilinggisik, leuitna oge nepi ti unggal juru, ku urang dinya mah KI NATA DIRAKSA pang kayana satatar Desa Bandorasakulon mah.
Nya balik deui ka lalampahan KI RD. USUP SURADI SASTRA. Taun 1920 Ki Kuwu USUP SUPRADI SASTRA ngecagkeun jabatanana nya di gentos ku Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA ngawitan jadi ais pangampih wewengkon Desa Bandorasakulon taun 1920 Masehi sampe taun 1933 Masehi kirang langkung 13 taun Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA nyepeng kalungguhan di wewengkon Desa Bandorasakulon.
Taun 1933 Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA lungsur dina kalinggihanana di gentos ku Ki RD. WANGSA PRAJA ( Bp. Guriang geledeg ) Ki Kuwu RD. WANGSA PRAJA ngawitan nyepeng kalungguhan Desa Bandorasakulon taun 1933 Masehi sampe taun 1943 Masehi kirang langkung 10 taun Ki Kuwu RD. WANGSA PRAJA janten Kuwu Desa Bandorasakulon.
Taun 1943 Masehi Ki Kuwu RD WANGSA PRAJA ( Bapa Guriang geledeg ) ngecagkeun jabatanana nya di gentos ku KI DURACHIM ngawitan mangku gawe taun 1943 Masehi sampe taun 1964 Masehi kirang langkung 21 taun Ki Kuwu DURACHIM ngajabat janten kuwu Desa Bandorasakulon.
Taun 1965 mangsa harita mangsana genting jeung meumeujeuhna rame ku politik Ki Kuwu DURACHIM ngecagkeun jabatanana nya ahirna para inohong Desa Bandorasakulon ngayakeun rempugan pikeun ngangkat pupuhu desa anu bener- bener tegas tur leber ku wawanen, nya nu ahirna dina pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon nu ka pilih Ki AHMAD SENANG, Ki AHMAD SENANG ngawitan damel janten kuwu Desa Bandorasakulon taun 1965 sampe taun 1980 Masehi salami 15 taun Ki Kuwu AHMAD SENANG mangku gawe janten Kuwu Bandorasakulon.
Taun 1980 Masehi taun sajarah Desa Bandorasakulon di kuwuan ku wanoja nyaeta Nyi ANAH RATNASIH mung hanjakal Nyi Kuwu ANAH RATNASIH teu kiat lami janten kuwu na mung dua taun, ti taun 1980 dugi taun 1982 Masehi.
Ti taun 1982 harita wewengkon Desa Bandorasakulon teu aya kuwuan malah di jabat ku Ki KUSWA nepi ka taun 1986 Masehi margi Ki KUSWA baris nyalonkeun diri jadi pupuhu desa anu sah nya jabatanana di serahkeun ka Ki REDI WALIM, Ki REDI WALIM ngajabat Kuwu Bandorasakulon taun 1987 sampe taun 1989 Masehi.
Taun 1990 Masehi jabatan Kuwu wewengkon Desa Bandorasakulon di cepeng ku nonoman anu gaduh wasta Ki AMUJAN JAENI, Ki Kuwu AMUJAN jaeni ngawitan nyepeng kalungguhan taun 1990 Masehi dugi ka taun 1998, kirang langkung ngajabat janten kuwu 8 taun.
Taun 1998 Masehi Ki Kuwu AMUJAN JAENI nyerahkeun jabatanana ka Ki Kuwu ngadeg nyaeta Ki Kuwu AFFANDI AM, Ki Kuwu AFFANDI AM ngawitan ngajabat taun 1998 dugi ka taun 2006 kirang langkung 8 taun mangsana jadi kuwu Desa Bandorasakulon.
Taun 2007 kalungguhan kuwu wewengkon Desa Bandorasakulon di cepeng deui ku nonoman nyaeta Ki Kuwu SUTORO, ngawitan nyepeng kalungguhan janten ais pangampih Desa Bandorasakulon. Ki Kuwu SUTORO ngawitan ngajabat taun 2007 awal dugikeun ka awal taun 2008.
Taun 2008 awal dijabat ku ki MUHAMAD NURDIN dugikeun ka taun 2009.Taun 2009 di ayaken pencalon kuwu mung hajakal calona tunggal nya di menangken ku ki Kuwu Edi Kusnadinata'. Nyambung ka kuwu salajengna.
Manawi hapunten kanu ngaos ieu sejarah sasakala asal muasalna Desa Bandorasakulon boh bilih teu sapagodos sareng manah, tumali ieu sejarah kenging nyutat sareng nyokelan ti sababaraha inohong sareng kasepuhan ti wewengkon Desa Bandorsakulon.
Wassalam......................KI JUSEP.
LURAH BANDORASA


SAKALA DOMAS / PANGERAN : DARI ..... / 1600 TAHUN
BUYUT PANJANG : DARI 1600 / 1720 LAMA MENJABAT 120 TAHUN
SACA DIRAKSA : DARI 1720 /1850 LAMA MENJABAT 130 TAHUN
RADEN SURYA JAYA : DARI 1850 / 1908 LAMA MENJABAT 58 TAHUN
RD. USUP SURADI SASTRA : DARI 1908 /1920 LAMA MENJABAT 12 TAHUN
JATMA JAYA SASTRA : DARI 1920 / 1933 LAMA MENJABAT 13 TAHUN
RD. WANGSAPRAJA ( GURIANG ) : DARI 1933 / 1943 LAMA MENJABAT 10 THN
DURACHIM : DARI 1943 / 1964 LAMA MENJABAT 21 TAHUN
AHMAD SENANG : DARI 1965 / 1980 LAMA MENJABAT 25 TAHUN
ANAH RATNASIH : DARI 1980 / 1982 LAMA MENJABAT 2 TAHUN
PJS . KUSWA : DARI 1982 / 1986 LAMA MENJABAT 4 TAHUN
PJS . REDI WALIM : DARI 1987 / 1989 LAMA MENJABAT 2 TAHUN
AMUJAN JAENI : DARI 1990 / 1989 LAMA MENJABAT 8 TAHUN
AFFANDI AM : DARI 1998 / 2006 LAMA MENJABAT 8 TAHUN
SUTORO : DARI 2007 / 2008 LAMA MENJABAT 1 TAHUN
PJS . MUHAMAD NURDIN : DARI 2008 / ...... TAHUN