BANDORASAKULON

Minggu, 31 Oktober 2010

SASAKALA DESA BANDORASA KULON

5 komentar
SASAKALA DESA BANDORASA


DI hiji lembur singkur tutugan gunung bari riung ku mumunggang anu ting jareuntul sarta dipapaesan ku tatangkalan anu hejo ngemploh, dipasieup ku kiricikna cai ti leuwi anu teu weleh cur cor ngagolontor anu herang ngagemlang ngalir kana wahangan - wahangan anu jiga ditata pikeun nyumponon pangabutuh eta wewengkon anu sahandapeun giri cireme atanapi ( Gunung Cireme ).


Pikeun urang dinya mah ningali ngajungkiringna gunung cireme teh , ngagaduhan kabagyaan anu kawilang ageungna margi dina wiwilangan nana gunung cireme teh pang ageungna satatar jawa kulon ( Jawa Barat ).

teu aya sanes lembur singkur tutugan gunung anu luwang liwung, anu katelah desa madurasa, luyu sareng nami desa sagala anu di rasakeun di wewengkon etamah tos pasti amisna jiga madu

Di eta wewengkon aya wangunan gedong anu mangrupa karaton anu ukuran haritamah kawilang ageung, margi eta wangunan sok di anggo babalagempagan atanapi musyawarah nu nepikeun ka kiwari disebut wewengkon Blok si gedong tea, teu hiji teu dua anu jadi ais pangampih eta wewengkon Desa madurasa. turunan menak terahing kusumah Andana Wilis masih ese kalerna Sri Maha PRABU SILIWANGI, nya anu gaduh nami kanjeng Pangeran SRI GEDONG.

Dina mangsa harita SRI GEDONG ngagaduhan rahayat cuman opat puluh kepala keluarga,
tapi nu opat puluh kepala keluarga ieu kawilang satuhu tur satiana ka Pangeran SRI GEDONG

Tinu opat puluh kepala keluarga aya salah sawios rakyat anu pinunjul boh satuhuna boh satiana sok komo kasaktianana anu gagah sakti mandraguna tetesan bajana kulit nya eta anu gaduh wasta pangeran Salaka Domas. ka uni sareng ka warsa ku kanjeng SRI GEDONG pinunjulna eta Pangeran SALAKA DOMAS nepiken di damel kapetengan jadi seno pati inglaga eta wewengkon.

Mangsa harita Desa Madurasa anu di pupuhuan ku kanjeng Pangeran SRI GEDONG anu nganut agama Dewa agung, nu di anut ku mantenna yang jagat nata, yang barahma, sareng yang Wisnu, bubuhan masih turunan
ti tanah sunda anu pada nyarebut PARBU SILIWANGI menak pajajaran tea.

dina wanci anu tos mustari dina mangsa harita tos jadi utama dina mangsa pecat sawed Kanjeng Pangeran SRI GEDONG katatamuan ku opat jalma anu garandang, dua jajaka, dua wanoja. anu jajaka anu kahiji Pangeran Adi surya, anu kadua Pangeran Bagirang.
Dua jajaka seja jajap dua wanoja anu geulis kawanti - wanti endah kabina - bina cacarekanana nu lohong mah ka geulisan eta dua wanoja lir ibarat bidadari turun ti kahiyangan.

dua wanoja eta anu gaduh asma Nyimas ANDAYARASA sareng Nyimas ANDAYASARI. Dua wanoja eta terahing Andana Wilis tegesna masih turunan Kasultanan Demak. Ari tujuan utama eta dua wanoja pangna datang ka Desa Madurasa, teu aya sanes bade nyebarkeun agama Islam.

Barang Kanjeng SRI GEDONG midangu maksad jeung tujuan eta opat nonoman, sakalintang benduna salajengna ngempelkeun wadia baladna nyaeta rahayat Madurasa anu opat puluh keluarga pikeun ngagempur opat nonoman anu baris nyebarkeun agama Islam.

Ku kasaktenan dua nonoman nyaeta Pangeran Adi Surya sareng Pangeran Bagirang. Rahayat Desa Madurasa, bobor karahayuan teu mangga pulia kantun hiji anu tandang nyaeta Pangeran SALAKA DOMAS wios dirempug ku duaan teu kerel - kerel acan sok komo eleh.

Salajengna Pangeran SRI GEDONG majeng ka payun bari ngeureunkeun ka anu nuju adu kasakten atanapi ijen. Teras Kanjeng Pangeran misaur......hey......Anjeun opat nonoman hade kaula rek nganut ka agama anjeun atawa nganut ka na agama Islam, tapi urang kudu ngadu kasakten heula, sing saha bae anu eleh eta nu kudu nganut ka agama anu meunang, kaula eleh seja nganut ka agama anjeun nyaeta Islam. Tapi sabalikna upama anjeun eleh anjeun kudu nganut ka agama kaula nyaeta agama Dewa Agung.

Nya ahirna eta nonoman nyatujuan bari di saksian ku rakyat Desa Madurasa anu tos kawon adu jajaten. Pangeran SRI GEDONG mayunan kasaktenan dua wanoja nyaeta Nyimas ANDAYA RASA sareng Nyimas ANDAYA SARI. Ari Pangeran SALAKA DOMAS mayunan kasakten dua jajaka nyaeta Pangeran ADI SURYA sareng Pangeran BAGIRANG anu ka tunda tadi.

Dina tarungna genep jago silih banting pinantingan, silih sered sineredan jiga munding rarakitan kuda papasangan tapi kadua belah pihak taya nu eleh teu aya anu meunang. Dina ahir perang campuh hampir -hampiran dua wanoja ka lepit ku pangarti katejeh ku pangabisa ku kasaktenan Kanjeng SRI GEDONG, tapi dina kasempatan anu hade dua wanoja ngawatek ajian anu pamungkas nyaeta Ajian Sastra Jendra Ayu Ningrat. Anu temahna lawan jadi lumpuh lir kapuk kaibunan, lir kapas kahujanan ngudupruk teu mangga pulia. Nya ahirna Kanjeng Pangeran SRI GEDONG kawon dina ngadu kasakten.

Janji anu jadi pasini anu dikedal lisankeun ku Kanjeng Pangeran SRI GEDONG teu majar kumaha kedah nurut kapalai dua wanoja pikeun nganut ka agama Islam. Kanjeng Pangeran SRI GEDONG ahirna pindah cai pindah pileumpangan sareng rakyatna anu opat puluh Keluarga nganut agama Islam. Kinten - kinten taun sarebu opat ratusan Kanjeng Pangeran SRI GEDONG nyerenkeun kalungguhana ka senopatina nyaeta Pangeran SALAKA DOMAS. Margi ayeuna mah parantos tenang ningali Desa Madurasa anu parantos makmur.Sarengna deui anjeuna parantos sepuh seja nyepi nyirnakeun diri ngadeukeutkeun kanu Kawasa.

Nya Kanjeng Pangeran SRI GEDONG ngababakan di hiji tempat anu di sebut Blok Guriang. Malahan pikeun ngendahkeun eta tempat Kanjeng Pangeran SRI GEDONG ngadamel balong anu hasiatna kaetang lumayan. Margi cai balong eta kaetang lumayan hasiatna nya ku urang lembur Madurasa di sebut balong Karamat.

Eta balong di pupusti pisan malahan sawaktu waktu mah aya sabagian jalma anu ngahaja mersihan eta wewengkon nepi ka lalencir bareresih tur harerang. Caina herang tur ngagenclang ngagolontor tina talang anu di talangan langsung ti mata cai na ( cai nyusu ).

Eta wewengkon di pulasara tur apik pisan ku lening - lening na eta tempat paripaosna teu aya kalakay anu eunteup ka eta wewengkon, nepikeun nami Kanjeng Pangeran SRI GEDONG di tambihan ku nami eta wewengkon nyaeta Blok Guriang.

Sabab di Blok Guriang aya cai anu herang nya teges pisan anu katelah Kanjeng Pangeran SRI GEDONG GURIANG HERANG.

Wanci kapetik ku pasti, nyawa ka ala ku mangsa. Pangeran SRI GEDONG GURIANG HERANG ngantunkeun dunya arca pada malih di kurebkeun na oge palih wetaneun balong anu hasiatna ka etang lumayan.

Desa Madurasa anu di pupuhuan ku Pangeran SALAKADOMAS, malah puser dayeuh pamarentahanana anu tadina di blok SIGEDONG di alihkeun ka blok Cikalapa nyaketan walungan Cihaliwung anu patunjang - tunjang sareng walungan Cisandane. Anu kaleresan harita mah walungan eta wewengkon anu caina ka etang ageung pikeun nyumponan pangabutuh rakyat Madurasa sareng nyumponan kana tatanen. Malah beh kuloneun eta pusat pamarentahan Cikalapa aya bubulak lega anu di batesan ku tangkal hanjuang sareng kacapiring. Oge mun aya kagiatan kagiatan anu meryogikeun lahan anu kawilang legana nya Pangeran SALAKA DOMAS ngadamel alun - alun anu ayana di wewengkon blok Munjul Kasur.

Janari leutik tos leungit pilih ganti jeung srengenge meletek ti beulah wetan pikeun nyaangan jagat raya pramudita hususna wewengkon Desa Madurasa, anu kiwari benten tisasari ka ayaanana. Tentrem ayem gemah ripah loh jinawi pari paosna aya sandang aya sanding rea ketan rea keton kaum tani sami mukti, kaum dagang pada sarenang, te kakurangan naon - naon nepikeun Desa Madurasa ngalegaan margi loba anu bubuara sareng usaha, teu sakedik oge anu ngadon ngalap elmu kaagamaan nyaeta agama Islam ka Nyimas ANDAYARASA sareng Nyimas ANDAYASARI. Nya ahirna kinten - kinten taun sarebu opat ratusan langkung anu tadina jiwa opat puluh keluarga janten nambihan.

Malah tina nambihan rayat Madurasa, aya salah sawios jalmi anu dongkap seja ngiring jabung tumalapung dina siar agama Islam nya unu dongkap ti daerah Demak anu masih teureuh kaprabonan Demak nyaeta anu gaduh wasta Pangeran INSAN KALANA PUTRA ( anu kiwari di sarebat Kiai Haji Rama Buyut Sahid Bin Sorong ).

Ku kaparigelan sareng ka ahlian Pangeran Insan Kalana Putra dina ngawurukan tina baca sareng tulis Al Qur'an nya ku Pangeran SALAKA DOMAS sareng Nyimas ANDAYARASA sareng Nyimas ANDAYASARI masalah baca tulis Al Qur'an di pewrcantenkeun ka Pangeran INSAN KALANA PUTRA, malah di damelkeun tempat atanapi padepokan pikeun ngawurukan rakyat desa Madurasakulon anu di alajar ngaji. Anu tempatna palih kuloneun Guriang anu sampe kiwari disarebat Blok dukuh said.

mana sampe kiwari turunan desa Madurasa upami palay enggal tiasa ngaji sok nyekar ka pasarean Kiai Hj. RAMA BUYUT SAID BIN SORONG

Ka uninga ku pangeran SALAKA DOMAS ka genturan sareng kaleukeunan Pangeran INSAN KALANA PUTRA dina ngawarukan rakyat MAdurasa anu lami - lami muridna ngalobaan nya akhirna Pangeran SALAKA DOMAS ngangkat Pangeran INSAN KALANA PUTRA pikeun janten sesepuh Desa Madurasa.

Pangeran SALAKA DOMAS sareng Nyimas ANDAYARASA, ANDAYASARI , nuju muka tutungkusan elmu panganemu jampe pamake ka Isalaman , ngaraos kaget ningali anu samping bari uluk salam teu aya sanes nu nembe sumping teh lian ti Pangeran Walang Sungsang atanapi CAKRA BUANA atanapi Pangeran sri Manggana rayina Nyimas Ratu Gedeng Rarasantang titisanMaha PRABU SILIWANGI menak di Pajajaran.

Teu aya sanes dongkapna terahing PRABU SILIWANGI Pangeran CAKRA BUANA atanapi Pangeran Walang Sungsang, maksud sareng tujuan nuju milaraian paguron - paguron Islam pikeun nyebarkeun agama Islam ka tiap - tiap pelosok.
teu aya gunung anu teu disungsi. teu aya padepokan anu teu di longok, teu aya daratan anu teu didatangan sakur anu kadangu ku anjeunna pasti di sungsi.
Pangeran CAKRA BUANA anu ngagem ali - ali ampal anu di wariskeun ku ki Danu Warsih anu hasiatna tiasa ngasupkeun gunung jeung sagara sok komo manusa mah. Disagigireun ngagem ali - ali ampal ngagem ajian pangabaran anu ka kenaan ajian eta baris nurut kana parentahna.
oge anjeuna ngagaduhan ajian kamayan anu kasiatna tiasa ngalumpuhkeun musuh ditambih ku pakarang bedog cagak tilu anu diwariskeun ti sanghiang naggo anu hasiatna ditujukeun kana gunung urug ka sagara saat, jeung rea - rea deui anu diagem ku pangeran walang sungsang atanapi pangeran CAKRA BUANA.

Pangeran SALAKADOMAS sakalintang bingahna barang midangu piarsa pangeran CAKRA BUANA anu baris ngawurukeun rakyatna dina bag bagan kaagamaan nya eta agama islam.
dina pangemut pangeran SALAKA DOMAS aya gesan pakukumaha dina hal ihwal ka agamaan nya eta Islam dina mangsa harita.

jaman harita masih kirang langkung taun sarebu opat ratus langkung masehi. Desa Madurasa kaceluk ka awun - awun ka wentar ka jana pria tina wawangi ka agamaan nana. ku alpukah Pangeran SALAKA DOMAS sareng Nyimas ANDAYARASA, jeung Nyimas ANDAYASARI sareng Pangeran INSAN KALANA PUTRA dibantos ku Pangeran Cakrabuana ku gawe anu rancenge eta inohong Madurasa nepikeun ka hiji mangsa desa Madurasa kadongkapan ku inohong - inohong islam anu masagi ku pangarti jeung ku loba pangabisa pikeun ngayakeun gempungan hal ihwal kaagamaan nyaeta agama islam.Kinten kinten taun 1482 Desa Madurasa Di dongkapan ku inohong inohong agama.

nya anu dongkap wangkid harita ka desa madurasa Pangeran ARIA KEMUNING ti Kuningan anu ngarokrok Pangeran Kuningan, Pangeran Linggarjati, Pangeran Cirebon Pangeran Madurasa , Pangeran Aria Dwipangpa jeung rea - rea deui.

Dina gempungan inohong - inohong Islam pikeun nyebarkeun agama islam ka papajaran, , dilajeungkeun ka batu tulis Bogor sarta di ahiran ka daerah sunda kalapa atanapi Jayakarta.
saentosna aya kacindekan kitu , pangeran SALAKA DOMAS ngempelkeun rakyatna piken midamel pakakas atanapi pakarang pikeun perang margi siap - siap boh bisi aya siku siwulu - wulu maung ngamuk gajah meta sigalaga kencana jurig nyiliwuri setan mindah rupa.
rakyat desa Madurasa teu mungpang kana parentahna Pangeran SALAKA DOMAS, rakyat Desa Madurasa ngadamel alat -alat perang di puser dayeuh pamarentahan cikalapa nya dina waktu anu tos ditangtoskeun kinten - kinten taun sarebu opat ratus dalapan puluh dua masehi , inohong Kuningan jeung inohong desa Madurasa baris kumpul di tapel wates Plered anu diluluguan ku pangeran Dipati Kuningan anu naek kuda Windu aji turunan kuda Sembrani. Pangeran anom dipati Sokawaya jeung Pangeran dipati sala nungal. Diiringkeun ku Kasepuhan Ki gedeng Kamuning atanapi Aria kamuning.

sa entos aya di tapel wates Plered , disambut ku widia balad karajaan Cirebon anu diluluguan ku pangeran CAKRA BUANA atanapi KUWU CIREBON.

Sang Prabu raja Galuh nyaeta CAKRA NINGRAT ,
nugaskeun anu jadi senopati ingalaga nyaeta sangiang KIBAN, diiringkeun ku demang DIPA SASA, sareng sang hiang SUTEM, Sanghiang GEMPOL,
teu kakantun Sanghiang PANDE WAWANGI pikeun ngaraponan serangan ti Kuingan sareng Cirebon dina perang campuh antara karajaan Galuh sareng Kuningan -Cirebon , kawilang ramena . sedengkeun DIPATI KUNINGAN adu jajatena sareng Senopati Raja Galuh nyaeta Sanghiang KIBAN-dorong Pi norongan banting pinantingan naek gunung unggah gunung sampening nepi ka wewengkon gunung Gundul, pangeran DIPATI KUNINGAN nuju aya dina kaunggulan gan meureun keur ka kenaan ku apes barang nuju babalicetan sampeanana tisarimpeud kuareuy oyong nya sapada harita, dina kasepetan eta digunakeun ku sangiang kiban piken ngala nyawana dipati kuningan tapi barang rek di telasan Sasumpingna Ki Kuwu Cirebon atanapi Pangeran Cakra Buana. Pangeran Cakra Buana ngaluarken bedog cagak tilu nya sapada harita dihembatkeun ka sanghiang KIBAN .Tapi teu benang Sanghiang Kiban malah ngaleungit marakayangan bari susumbar aya sora tan katingal dina ucapanana. hey...kuwu isuk jaganing pageto nagara anjeun jeung turunan anjeun pasti aya nu ngajajah eta pembalasan ti kawula.

Sedengkeun Pangeran DIPATI KUNINGAN oge ragrag ucap, isuk jaganing pageto turunan kaula ulah sampe ngadahar sayur oyong sabab areuy oyong ieu nubaris nyilakakeun kawula.
sarengsena nalukeun atanapi ngislamkeun karajaan galuh dina taun opat ratus dalapan puluh dua masehi inohong kuningan kaasup pangeran salakadomas sareng Nyimas Andayarasa - andayasari Ngagabung deui sareng Karajaan Cirebon pikeun ngislamkeun karajaan Pajajaran anu dirajaan ku PRABU SILIWANGI.

tapi ayeunamah di sareungan ku kanjeng SUNAN JATI PURBA putrana Nyi ratu Gedeng Rara santang putuna PRABU SILIWANGI, sadongkapna rombongan putuna PRABU SILAWANGI. PRABU SILAWANGI teu nepungan ingkang putu malah ngahiang sareng istri - istrina ka asup selirna. Ku alpukah ojokan Kibuyut Talibarat sesepuh Pajajaran . Dilebeut Karaton nu Kasondong Kantun Para senopati sareng Demang Santana bae nya pendak oge sareng Dipati SIPUT anu nuju susulumputan sareng bawahan nana di jeru leuweung, margi alimeun asup agama Islam.

Nya ku insan kamil atanapi Kanjeng SUNAN JATI PURBA di supata Dipati SIPUT janten macan putih. Sedengkeun bawahanana janten macan loreng manawi eta lalampahan inohong Desa Madurasa sareng Kuningan ngabaur sareng karajaan Cirebon dina ngislamkeun Pajajaran.

Nya kinten - kinten taun sarebu lima ratusan nyerang deui ka Batu Tulis Bogor di lajengkeun ka Sunda Kalapa atanapi Jayakarta.

Dina taun sarebu genep ratusan pangeran Salaka Domas nyerenkeun kalungguhanana kumargi tos sepuh ka ki PANJANG atanapi BUYUT PANJANG pikeun neruskeun lalakon anu baris di sorang. Dina lalampahan Madurasa ngajaga raksa.

Manawi eta patilasan dina taun anu tos di tangtoskeun kinten - kinten taun 1600 Masehi. Pangeran Salakadomas nyerenkeun ka lungguhanana ka Ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) teu majar kumaha wios abot oge Ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) nampi mandat anu di pasihkeun ku Pangeran SALAKADOMAS, pikeun neruskeun lalampahan ngaheuyuek dayeuh ngolah Desa.

Tibarang Pangeran Salaka Domas di gentos ku ki PANJANG ( Buyut PANJANG ) nya ngalihkeun alun - alunna anu satadina di munjul kasur di alihkeun ka wewengkon Puger Tengah.

Poe ka ganti ku minggu, minggu ka ganti ku bulan, bulan di ganti ku taun, teu karaos ki PANJANG mangku kalungguhan janten ais pangampih eta wewengkon Desa Madurasa kirang langkung 120 taun. Manawi takdir teu beunang di pungkir kadar teu beunang di singlar papasten ti gusti yang widi ki PANJANG ( BUYUT PANJANG ) mulih kajati mulang ka asal nyaba ka alam tunjung sampurna maot pingaranneunana taun 1720 Masehi.

Ti wangkid harita kalungguhanana di cepeng ku Ki SACA DIRAKSA malahan anu kapungkurna alun - alun teh di Puger Tengah di alihkeun ku Ki SACA DIRAKSA ka wewengkon blok KARATON malah nepi ka kiwari.

Dina taun 1720 Masehi Desa Madu Rasa di bagi dua nyaeta Madurasa Kulon jeung Madurasa Wetan, Ki SACA DIRAKSA nyepeng kalungguhan sampe taun 1850 Masehi mangsa ngajabat kirang langkung 130 taun lamina.

Mati katungkul ku pati maot teu nyaho di mangsa mati tos jadi pasti maot tos jadi kudrat dina kateranganana maot mah tos ngajantenkeun kawajiban pikeun mahluk di alam dunya ieu.

Taun 1850 Masehi nya taun eta nya mangsa harita Ki SACA DIRAKSA ngantunkeun rahayat Desa Madurasa Kulon anu masih mikaresep jeung mikacinta, dina mangsa nu tos di tangtoskeun samundurna Ki Kuwu SACA DIRAKSA mangsa palastara aya jalma anu siap nandonkeun jiwa jeung ragana demi ngamajukeun eta wewengkon Desa Madurasa Kulon teu aya sanes anu siap leumpang tandang keur ngudag kahayang ngabasmi anu curang nya eta RD SURYA JAYA jadi ais pangampih taun 1850 Masehi.

Di barengan Ki Raden SURYA JAYA di istrenan janten pupuhu Desa Madurasa Kulon dongkap na kaum penjajah Pamarentah Walanda ka Desa Madurasa anu nepikeun mawa akibat ka wewengkon Desa Madurasakulon / dongkapna kaum panjajah Walanda ka nagara Indonesia kinten - ki9nten taun 1595.

Pamarentah Walanda harita keneh ngangkir pupuhu Desa Madurasakulon nyaeta Ki Kuwu Raden SURYA JAYA sangkan ngumpulkeun hamba rakyatna supaya naraek ka gunung Cireme,melakankan tangkal kopi tanpa di upahan alias kerja paksa ( Rodi ). Rahayat Madurasakulon jiga nu bingung margi gawe tapi teu meunang upah nya didieu aya dua kelompok, sakelompok mah nurut sabab sieun tea tapi lolobana mah anu nolak atanapi ngabandel, margi loba kelompok nu ngabandel nya pepelakan tangkal kopi anu di lereng gunung Cireme teh teu rengse anu kiwari disebut Blok Kopi sereh.

Pamarentah Walanda ngaraos kuciwa ku tingkah laku rakyat Madurasakulon anu ngabarandel. Nepikeun ragrag ucap anu misalah barandel Madurasakulon. Bandorasakulon nya nelah ucapanana tina bandel jadi bando nya kata bandel dihijikeun rakyat Bandorasakulon nepikeun ka kiwari katelahna DESA BANDORASA KULON.

Ki Kuwu RD SURYA JAYA mangku gawe ti taun 1850 nepikeun ka taun 1908 Masehi kirang langkung mangsa ngajabat janten Kuwu 58 taun. Saparantosna Ki Kuwu RD SURYA JAYA mulih ka jati mulang ka asal kalungguhanana di gentos ku Ki USUP SUPRADI SASTRA, Ki RD USUP SUPRADI SASTRA ngawitan mangku gawe di Desa Bandorasakulon taun 1908 Masehi sampe taun 1920 kirang langkung Ki Kuwu RD USUP SUPRADI SASTRA ngajabat 12 taun.

Tapi taun 1908 benten sareng taun - taun saacana, taun etamah make aya gempungan para inohong - inohong sareng kokolot desa, margi gentosna RD. SURYA JAYA aya dua patandang anu baris neruskeun tapak lacakna. Nya ahirna inohong sareng sesepuh desa ngayakeun riungan pikeun nyawalakeun hal ikhwal anu bakal janten pupuhu Desa Bandorasakulon.

Nya peuting eta meunang kacindekan teu aya jalan sanes iwal ti ngayakeun sayembara paloba - loba biting nu bakal di asupkeun kana lodong anu kosong sing saha bae dina lodongna loba bitingna nyaeta anu baris jadi ais pangampih eta wewengkon desa. Nya enjingna sesepuh Desa ngabewarakeun yen ayeuna mah nu janten pupuhu desa teh kudu di pilih paloba - loba biting nu kudu di asupan ku rakyat ngalangkungan lodong kosong.

Anu janten patandang dina pilihan pupuhu desa Bandorasakulon teu aya sanes Ki NATA DIRAKSA sareng nu ka dua Ki USUP SURADI SASTRA.

Sedengkeun dua nonoman salaku patandang ari kapalayna dua nonoman mah ku cara ngadu elmu sing saha anu elmu na luhur tur sakti eta nu bakal jadi pupuhu desa, margi jaman kapungkur oge saha nu sakti eta anu jadi pamingpin. Tapi ti pihak kasepuhan desa teu satujueun ku cara ngadu elmu, margi ngabahayakeun.

Nu ahirna dua nonoman KI NATA DIRAKSA sareng KI RD. USUP SURADI SASTRA ku cara rerencepan badami di hiji tempat anu jauh ka lembur. Pikeun ngabadamikeun dimana engke sarengsena pilihan pupuhu. Kudu datang ka ieu tempat pikeun ngadu elmu panganemu, jampe pamake pikeun nangtukeun saha anu hak jadi pamingpin di ieu wewengkon. Jeung nu eleh kudu rido masrahkeun bisluit kakuwuanana kanu meunang jajaten.

Dina wanci nu tos di tangtoskeun pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon tos di ngawitan. Dina dinten eta rakyat Desa Bandorasakulon ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat - ngembat nyatang pinang pikeun ngasupkeun biting ka anu di tuju pilihan manehna masing - masing. Etamah ti luar desa oge darongkap palai nyaksian anu disebut pilihan pupuhu desa ( kuwu ) tea.

Tos kabayang tisuklakna - tisiklukna anu dongkap ka eta patempatan nya lapang blok karaton Desa Bandorasakulon, ku loba - lobana eta jalma nepikeun pangali wota anu bade milih sareng anu bade nongton pacampur aduk jadi hiji. Alun - alun karaton jadi lautan jalma.

Dina wanci sarerehna budak, kokolot eta wewengkon ngabewarakeun hasil pamilihanana, nyaeta di nyatakeun anu kenging pilihan dina pilihan pupuhu Desa nyaeta KI NATA DIRAKSA.

Saentosna aya kacindekan kitu Ki NATA DIRAKSA langsung lumaku ka tempat anu tos di jangjikeun pikeun ngadu jajaten sareng Ki RD. USUP SURADI SASTRA.

Teu sawatara lami dua nonoman tos papayun - payun bari silih teuteup pikeun ngukur kasakten lawan masing - masing.

Dina ngadu jajaten dua nonoman anu pada sarakti teu nganggo pakarang atanapi tangan kosong tapi teu aya anu eleh, teu aya anu meunang. Nya ahirna dua jago ieu nyarabut gagaman atanapi pakarang. KI NATA DIRAKSA nyabut keris dina sarangkana sedengkeun KI RD. USUP SURADI SASTRA nyabut tri sula anu kawilang linuwihna tapi nyakitu sami teu aya anu cidra. Sok komo aya nu eleh mah abong jalma anu luhung elmu jembar ku pangabisa. Dina ogol begalan pati nya dua nonoman ngaluarkeun ajian - ajian anu pamungkas pikeun ngarengsekeun adu jajaten.

Barang rek di hembatkeun ajian anu di agem ku KI NATA DIRAKSA. aya sora tan katingal Heh Nata wayahna anjeun kudu ngelehan, sabab anjeun can waktuna pikeun ngajabat pupuhu ieu desa, anggur geura ngalalana neang bekel kahirupan pikeun mangsa kahareup, nu bakal di sorang.

Nya KI NATA DIRAKSA ngestukeun suara tan katingal malak mandar jalan ieu cukang lantaran pimulyaeun.

Ahirna bisluit kakuwuanana di pasrahkeun ka KI RD. USUP SURADI SASTRA ti barang tos pilihan Kuwu Ki nata Diraksa ngalenit teu aya di eta wewengkon mungguh kokolot Desa naraos hemeng penggalih margi kumaha anu bakal di pilampah mangsa nu bakal datang.Tapi mangsa harita ka ubaran ku donkapna Ki RD Usup Suradi Sastra bari ngabeberkeun kajadian anu di pilampah ku anjeuna sareng ku KI NATA DIRAKSA bari ngebrehkeun bisluit kakuwuanana.

Ari lalampahanana KI NATA DIRAKSA leumpang sakaparan - kaparan. Teu puguh anu di tuju. Nepikeun ka umprang amprung seja ngalalana pikeun neang bekel jeung pangalaman nu bakal datang.

KI NATA DIRAKSA sup asup ka wewengkon anu ceuk manehna mah asing, hiji lembur anu singkur, di papaesan ku tatangkalan anu hejo ngemplo, di pasieup ku golontorna cai dina wahangan, saking capena lumampah anu sakitu PANJANGna KI NATA DIRAKSA ngiuhan dina handapeun tangkal anu kawilang ageungna bari di geberan ku angin leutik ngahiliwir bet jiga nu betah bae. Teu karaos saking nahnaina KI NATA DIRAKSA kasarean di eta tempat tibra naker nepikeun teu ngimpi - ngimpi acan saking nikmat - nikmatna sare.

Enjingna KI NATA DIRAKSA kagugahkeun ku recetna manuk luhureun sirahna. Barang bray panonna di buka keun aya hiji jama hareupeunana tapi potongan eta jalma jiga sanes urang dinya, sok komo ningal dedeganana sareng warugana mah. Jiga urang asing tapi matana sipit jleg bae jiga bangsa Cina. Nya ku jalma asing KI NATA DIRAKSA di taros naon maksud jeung tujuanana pangna KI NATA DIRAKSA aya di wewengkon Desa Kalapagunung / Jalaksana, sihoreng eta wewengkon teh Desa Kalapagunung / Jalaksana.

Nya ku KI NATA DIRAKSA di caritakeun hal ihwal ti mimiti kajadian pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon nepikeun ka adu jajaten sareng KI USUP SUPRADI SASTRA tapi disatengahing adu jajaten aya sora tan katingal.

Urang asing ngaregepkeun carita KI NATA DIRAKSA bari unggut - unggutan, sarengsena KI NATA DIRAKSA ngabeberkeun lalakona nya ku urang asing di pepelingan bari nuduhkeun imahna nu teu jauh ti eta tempat.

Ceuk eta urang asing ayeuna mah anjeun geura mulang deui ka Desa Bandorasakulon, sabab nu di teangan ku anjeun geus kapanggih nya kaula pisan tah ieu picis geura tarima ku anjeun jeung modal engke di lembur geura sewaan tanah, geura sewaan kebon, sukur upama aya leuwihna geura beulieun tanah tapi bisi aya leuleuwihna dei ingetan kaula.

Ceuk eta jalma asing bari ngasongkeun duit duka sabaraha bari ngaleos duka kamana. Sedengkeun KI NATA DIRAKSA mah bari nampanan duit olohok benggong mata simeuteun. Saentosna dongkap ka lembur Bandorasakulon mulai KI NATA DIRAKSA ngolah eta duit di pake ngontrakan sawah jeung kebon.

Poe kaganti ku minggu, minggu kaganti ku bulan, bulan kaganti ku taun, kahirupan KI NATA DIRAKSA tos manggulang mangguling sagala aya salieuk breh tadina sawah teh di kontrak nepikeun ka pimilik bari jeung meulian sawah anu liana.

Nepikeun sawah upluk aplak, kebon na oge di mana - mana, cek cacarekanana KI NATA DIRAKSA lega sawahna, jenuk kebon na loba dombana, munding oge nepi pagilinggisik, leuitna oge nepi ti unggal juru, ku urang dinya mah KI NATA DIRAKSA pang kayana satatar Desa Bandorasakulon mah.

Nya balik deui ka lalampahan KI RD. USUP SURADI SASTRA. Taun 1920 Ki Kuwu USUP SUPRADI SASTRA ngecagkeun jabatanana nya di gentos ku Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA ngawitan jadi ais pangampih wewengkon Desa Bandorasakulon taun 1920 Masehi sampe taun 1933 Masehi kirang langkung 13 taun Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA nyepeng kalungguhan di wewengkon Desa Bandorasakulon.

Taun 1933 Ki Kuwu JATMA WIJAYA SASTRA lungsur dina kalinggihanana di gentos ku Ki RD. WANGSA PRAJA ( Bp. Guriang geledeg ) Ki Kuwu RD. WANGSA PRAJA ngawitan nyepeng kalungguhan Desa Bandorasakulon taun 1933 Masehi sampe taun 1943 Masehi kirang langkung 10 taun Ki Kuwu RD. WANGSA PRAJA janten Kuwu Desa Bandorasakulon.

Taun 1943 Masehi Ki Kuwu RD WANGSA PRAJA ( Bapa Guriang geledeg ) ngecagkeun jabatanana nya di gentos ku KI DURACHIM ngawitan mangku gawe taun 1943 Masehi sampe taun 1964 Masehi kirang langkung 21 taun Ki Kuwu DURACHIM ngajabat janten kuwu Desa Bandorasakulon.

Taun 1965 mangsa harita mangsana genting jeung meumeujeuhna rame ku politik Ki Kuwu DURACHIM ngecagkeun jabatanana nya ahirna para inohong Desa Bandorasakulon ngayakeun rempugan pikeun ngangkat pupuhu desa anu bener- bener tegas tur leber ku wawanen, nya nu ahirna dina pilihan pupuhu Desa Bandorasakulon nu ka pilih Ki AHMAD SENANG, Ki AHMAD SENANG ngawitan damel janten kuwu Desa Bandorasakulon taun 1965 sampe taun 1980 Masehi salami 15 taun Ki Kuwu AHMAD SENANG mangku gawe janten Kuwu Bandorasakulon.

Taun 1980 Masehi taun sajarah Desa Bandorasakulon di kuwuan ku wanoja nyaeta Nyi ANAH RATNASIH mung hanjakal Nyi Kuwu ANAH RATNASIH teu kiat lami janten kuwu na mung dua taun, ti taun 1980 dugi taun 1982 Masehi.

Ti taun 1982 harita wewengkon Desa Bandorasakulon teu aya kuwuan malah di jabat ku Ki KUSWA nepi ka taun 1986 Masehi margi Ki KUSWA baris nyalonkeun diri jadi pupuhu desa anu sah nya jabatanana di serahkeun ka Ki REDI WALIM, Ki REDI WALIM ngajabat Kuwu Bandorasakulon taun 1987 sampe taun 1989 Masehi.

Taun 1990 Masehi jabatan Kuwu wewengkon Desa Bandorasakulon di cepeng ku nonoman anu gaduh wasta Ki AMUJAN JAENI, Ki Kuwu AMUJAN jaeni ngawitan nyepeng kalungguhan taun 1990 Masehi dugi ka taun 1998, kirang langkung ngajabat janten kuwu 8 taun.

Taun 1998 Masehi Ki Kuwu AMUJAN JAENI nyerahkeun jabatanana ka Ki Kuwu ngadeg nyaeta Ki Kuwu AFFANDI AM, Ki Kuwu AFFANDI AM ngawitan ngajabat taun 1998 dugi ka taun 2006 kirang langkung 8 taun mangsana jadi kuwu Desa Bandorasakulon.

Taun 2007 kalungguhan kuwu wewengkon Desa Bandorasakulon di cepeng deui ku nonoman nyaeta Ki Kuwu SUTORO, ngawitan nyepeng kalungguhan janten ais pangampih Desa Bandorasakulon. Ki Kuwu SUTORO ngawitan ngajabat taun 2007 awal dugikeun ka awal taun 2008.

Taun 2008 awal dijabat ku ki MUHAMAD NURDIN dugikeun ka taun 2009.Taun 2009 di ayaken pencalon kuwu mung hajakal calona tunggal nya di menangken ku ki Kuwu Edi Kusnadinata'. Nyambung ka kuwu salajengna.

Manawi hapunten kanu ngaos ieu sejarah sasakala asal muasalna Desa Bandorasakulon boh bilih teu sapagodos sareng manah, tumali ieu sejarah kenging nyutat sareng nyokelan ti sababaraha inohong sareng kasepuhan ti wewengkon Desa Bandorsakulon.

Wassalam......................KI JUSEP.


5 komentar:

Posting Komentar